NGAWANGWANG MASA KA TUKANG



Ieu tulisan ngahaja ku kuring ditulis saayana, pikeun dibaca ku anak jeung  incu  pikeun pieunteungeun hirup jeung kahirupan maranehana. Malak mandar aya mangpaatna pikeun nambah khazanah kahirupan barudak. Oge tokoh-tokoh anu kacaritakeun jeung tempat-tempat ditulis oge saayana. Mangga wilujeng maos..
Jadi PNS.
 Ti awit taun 2015 bulan Agustus kuring resmi geus ngeureunan tina profesi jadi guru. Da memang kuring lahir taun 1955, jadi pas umur teh genep puluh taun. Pikeun pagawe negeri sipil fungsional batas maksimalna 60 taun.  Dina waktu-waktu kosong kuring sakali-kali sok ngalamun sorangan  bari sare gogoleran dina luhur kasur, nyoreang ka mangsa-mangsa katukang,    tilu puluh taun anu kaliwat.   Ari rarasaan mah  asa  cekeneh kuring milu testing pagawe nagri sipil (PNS) hayang  jadi guru.  Harepan  mah waktu harita teh kuring  hayang jadi guru SMA, tapi kalah ka jadi guru  SGO Kuningan  anu ayeuna geus ganti ngaran jadi SMAN 1 Cigugur. Kuring diangkat jadi guru SGO tahun 1985, golongan dua be, da waktu ngajukeun lamaran teh anu dipakena ijajah sarjana muda lain,  padahal  harita kuring geus beres kuliah strata satu  ngan kari  skripsina bae can  anggeus.  Ari gajih nu ditulis dina SK  Rp 65.500,-(genep puluh lima rebu lima ratus perak) unggal bulanna, pedah dibayarna henteu pinuh, ngan 80 % salila sataun atawa memeh milu  Latihan Prajabatan.. Tapi najan kitu oge hate teh asa bungah wae nu aya, sarua jeung bungahna nalika  diumumkeun  lulus testing. Wah.. kuring  bungah taya papadana, buru-buru bebeja ka indung jeung bapak kuring.indung, lanceuk jeung duduluran kabeh ngarasa bungah.
Jadi dosen honor
 Bapa kuring mah waktu kuring lulus jadi Guru katingalina teh teu pati bungaheun  teuing, sabab memeh milu test teh kuring keur ngahonor jadi dosen  di IAIN Sunan Gunung Djati Cabang Cirebon, ngajar basa Arab. Da kuring sorangan oge geus yakin mun  hiji mangsa  aya kasempetan  bakal jadi dosen tetep di eta perguruan tinggi.  Tapi meureun mana kitu oge lain bagian kuring jadi dosen teh, da akhirna  mah jadi guru.  Ari  bapa miharep pisan   kuring  kudu jadi dosen, ngarah gajihna gede tur statusna atuh rada bergengsi meureun. Emang bener sih ieu mah lain gede hulu,tapi ukur tahadus binikmah,  waktu kuring wisuda sarjana muda kuring kawilang mahasiswa anu berprestasi  tur paling cepet beres. Harita mah disebutna teh mahasiswa teladan. Sabab hasil ujian skripsi  kuring nilaina memusakan. Atuh langsung Bapa Dekan kuring ( Muhaimin ) ayeuna geus nyangking gelar Prof.DR. ngawadian ka kuring sangkan jadi asisten dosen di IAIN Cirebon. Ceuk Pa Muhaimin ngomong ka kuring kieu : “ sok ayeuna mah anggeuskeun wae heula kuliah maneh nepi ka sarjana, mun geus rengse balik deui ka Cirebon (maksudna ka IAIN) tuluy bantuan ngajar basa Arab.” Alhamdulillah tanggal 5 Mei 1985 kuring diwisuda di IAIN Jakarta, predikatna baik, ipekana dua koma tujuh puluh dalapan. Diijinan miluan neruskeun ka S2 oge. Kuring  ngajar di Cirebon meunang dua taun, ti tahun 1985 nepi ka taun 1987.
Bedana sakola jeung pasantren
Tunda carita pangalaman di IAIN Cirebon, ayeuna kuring rek nyaritakeun gawe di sakola.
Sakola tempat gawe kuring teh kaasup sakola nu geus senior, SGO (Sekolah Guru Olah Raga) ngaran na teh. Sarua jeung tatangga anu saburuan nyaeta SPG (Sekolah Pendidikan Guru). Dua lembaga ieu  boga pancen ngorbit  guru jeung pendidik anu ahli pikeun ngajar di sakola Dasar. Boh SPG boh SGO geus nyitak  pirang-pirang guru anu ngalajar di SD, anu panempatana sumebar kamana mana,  lain bae di kota Kuningan tapi Loba oge nu ditempatkeun di kota  sejen. Poe munggaran ngajar kuring dibere ngajar pelajaran basa Inggris, sabab pelajaran anu saluyu jeung widang kaahlian kuring, Pendidikan Agama Islam tea,  teu kabagi jam, ari guru agama aya opatan, sedengkeun kelas ngan aya salapan kelas. Tilu kelas ku kelas hiji, tilu kelas deui ku kelas dua jeung tilu kelas sejena ku kelas tilu. Ari jumlah jam pelajaran dina samingguna tiap kelas  ngan dua jam. Guru kabehna aya opat. Didinya kuring jadi daek teu daek ngajar anu lain widangna. Untungna kuring resep kana eta pelajaran, sabab waktu kuring masantren di hiji pondok di jawa timur, eta bahasa teh   kaasup  bahasa anu dipake sapopoena.
Pancen ti pamarentah kukuring dikeureuyueh digawean. Isuk-isuk jam satengah genep geus miang ka sakola, jam dua sore karek mulang deui ka imah. Imah kuring jeung sakola kawilang rada jauh oge. Tepi ka tempat gawe teh meakeun waktu antara 45 menit nepi ka sajam.  Jauhna teh kurang leuwih aya kana 18 kilometer. Desa tempat domisisli kuring  harita  di desa Cirahayu Kacamatan Luragung.  Kuring saimah jeung mitoha. Sanajan rada jauh ti imah ka tempat gawe oge tapi Alhamdulillah  kuring jarang telat datang ka sakola da sok mawa motor ari ka sakola teh. Lumayan alus motor kuring teh waktu harita mah . Da babaturan mah rata-rata motorna teh vespa. Mun rek dihirupan kudu kutanaga rada gede, diselah.  Nu kuring mah Yamaha bebek taun 83, tara kudu cape diselah, cukup staterna wae dikontakeun, cekes gurr wae..!
Aya hiji pangalaman nu matak piseurieun jeung aneh.  Kungsi hiji waktu kuring dititah jadi wali kelas.  Aya budak anu peunteuna goring pisan, teu target minimal-minimal acan. Enya  da budak teh keur mah  bangor bodo pisan. Sakola jarang asup, jarang milu ulangan. Dibere  waktu pikeun miluan her teu datang wae. Kolotna dibere surat pemberitahuan ti sakola age teu datang. Da  ceuk beja mah kolotna ngumbara  di luar kota. Ternyata di mata guru-guru nu sejen  oge budak eta teh kitu kalakuanana. Pas dina rapat kenaikan kelas meh kabeh satuju budak eta teh tong ditaekeun, kaasup kuring, anu jadi wali kelasna,  satuju pisan. Da keur naon atuh miara budak ruksak siga kitu. Na ari pek teh kuring dicarekan ku wakil Kapala Bidang Kurikulum, kieu pokna teh  : “ kuring aneh ku wali kelas, kuduna mah budak teh ditulungan satekah polah, sanajan eta budak bodo, sabab kawajiban guru nu utama nyaeta ngarobah budak tina bodo jadi pinter, tina males jadi rajin. Bere dorongan ku wali kelas, sangkan budak bisa naek. Lamun teu naek bakal jadi beban Negara jeung citra  sakola di mata masyarakat jadi goreng.” Kuring ngabantah kana pamadegan Bidkur, sabab tojaiyah jeung hate. Tapi akhirna eta budak ditaekeun kelasna  ngan kudu pindah sakola. Ti harita kuring embung jadi wali kelas deui. Bisi matak jadi dosa. Kuring ngomong sorangan dina hate. Heueueh nya, paingan atuh pendidikan di nagara urang teu maju-maju. Katinggaleun wae ku nagara batur, elmuna, kaahliana jeung etikana. Batur mah tina hasil pendidikan sakola teh geus bisa nyieun kapal super sonic, naik ka bulan, nyieun macem produk teknologi anu canggih. Urang mah hayeuh wae ulukutek ngomean silabus, satpel, alat belajar. Mun ganti mentri sok ganti deui kabijakan. Padahal anu heubeul oge alus. Tapi sangkan menteri dianggap aya gawena, atuh nyieun deui aturan anyar. Nu jadi korban mah apan nu diharandap.  Ieu  nu jadi sababiyah mundurn a ajen pendidikan di nagara urang ku sikep teu konsistena para pengelola. Lain ngadidik  budak sangkan  pinter tur bener, tapi malah nyontoan sangkan teu bener. Pantes barudak kaluaran  sakola  loba nu jadi pejabat tapi jahat, jadi pemborong tapi jadi buraong. jadi pengusaha tapi meres ka bawahana.  Beda pisan jeung pendidikan pondok pasantren. Kaalaman ku kuring waktu keur masantren,   sapopoe na teh di Pondok Pasantren mah pinuh ku pendidikan, pengajaran eung atikan akhlak anu hade. Isuk-isuk budak santri  geus diharudangkeun pikeun ngalakonan solat subuh, tuluy solat subuh berjamaah, b’ada  subuh barudak santri siap-siap, samemahna sarapan heula, tuluy mangkat ka tempat diajar, rengse diajar  shalat lohor,  tuluy  makan siang, istirahat sakeudeung kira-kira sajam, siap  deui ka kelas keur milu palajaran tambahan, kaluar ti dinya olah raga, bisa milih naon bae nu dipikaresep. Jam lima mandi, jam satengah genep ka masjid ngantian magrib bari ngabandungan bacaan Al-Qur’an. Kira-kira jam genep jengek adzan magrib, shalat berjamaah. Rengse eta Pengurus Masjid mere informasi penting ka sakabeh santri  ngeunaan   hal-hal anu aya pakuat  pakaitna jeung kegaiatan di Pondok. Pengumuman eta  make tilu bahasa pengantar  (Arab, Inggris jeung Indonesia). Tuluy muru ka kamarna masing-masing. Ngantian salat Isya’ para santri kabeh maraca Qur’an tepi ka bedug Isya. Rengse salat Isya dahar peuting di dapur umum. Tos beres dahar balik deui ka kamar milihan buku pelajaran, ngapalkeun, ngagawean tugas peer ti guru, tepi kajam satengah sapuluh. Tidinya karek sare.  Lamun poe kemis sore (kira-kira jam 3an) kabeh santri marake baju pramuka diajar elmu ka pramukaan, malem Jumahna diajar pidato ku tilu bahasa. Isuk Jumaah, kabeh santri katut ustadz-usztadzna olah raga marathon atawa lari pagi ngurilingan Pondok, sangkan sarehat. Sabab ceuk dina babasan Arab : “ al’aqlu assalim fil jismi assalim.” Dina awak nu sehat aya pikiran nu sehat. Jadi para santri teh bener-bener sampurna Otakna pinuh ku elmu, hatena kebek ku kaimanan jeung kalakuana mulia.   Anu kacida hadena, Pendidikan agama jeung umum dipasantren tempat kuring diajar sarua bobotna, agama 100% kitu deui umum 100%. Jadi lamun santri  tamat diajar di lembaga ieu, dipiharep  bakal pinter agama oge pinter umum. Ceuk istilah kyai kuring mah kaluar ti pondok ieu  santri bakal jadi kyai intelek. Nu matak ulah kaget mun kaluaran ti Pasantren eta loba nu jadi inohong-inohong. Aya nu jadi menteri, jadi pejabat, pengusaha, akademisi, hakim jeung teu saeutik nu ngabogaan pasantren, jadi ajengan atawa kiyai.
Mondok di Gontor
  Genep taun kuring mondok di  Pasantren, ngarana Pondok Modern Darussalam Gontor Ponorogo Jawa Timur, ti awit taun 1970  nepi ka taun 1976. Pondok Gontor mah  geus kawentar ka mana-mana, malah nepi  ka luar negri sagala.  Diadegkeuna taun 1926, ku tilu sasaduluran atawa  Trimurti, nyaeta KH Ahmad Sahal, KH Zaenuddin Fanani jeung KH Imam Zarkasyi. Disebut Pondok Modern, lain pedah modern agamana, tapi metodologi pengajaranna, nyaeta  make system boarding school (asrama) jeung pengembangan bahasana (Arab jeung Inggris ) make metode direct method atawa thariqah mubasyarah. Jadi, santri diajar basa Arab henteu make system tarjamah, tapi praktek langsung ngomong. Mediana loba, ti mulai di kelas, muhadloroh (latihan pidato), dialog sapopoena, pangumuman-pangumuman anu narempel dina papan pengumuman eta  kabeh make basa Arab jeung Inggris  Subhanallah, kuring  Lumayan loba meunang  elmu ti dinya mah, buktina waktu  kuring neruskeun sakola ka Pergururan Tinggi teh euweuh masalah, lancar-lancar wae.  sabab boga dua keahlian Bahasa, Arab jeung Inggris. Di Gontor kuring teu kaasup bodo-bodo teuing. Da ari naek kelas teh sok asup wae ka kelas B. nyaeta kelas anu peunteuna aralus, minimalna dalapan. Pelajaran anu paling dipikaresep ku kuring nyaeta basa Arab jeung basa Inggris. Kungsi harita kuring miluan perlombaan pidato basa Arab sa-pondok Gontor. Ngan teu meunang juara ka hiji, tapi meunang juara ka opat. Sabab emang saingana oge beurat-beurat. Tapi sakitu oge lumayan lah…!    Matak   nalika kuring boga  pamajikan,  kuring geus nyieun program  mun engke  boga   anak,   hayang masantren siga kuring, sugan bae atuh jadi kyai.
Babaturan jadi bojo
 Emang kuring kaasup untung, Alhamdulillah  pamajikan teh keur mah dedegna panceg  rupana hade ( cihuyy… ) pendidikana kaasup luhur oge. Kaluaran ti perguruan tinggi Islam, nyeta IAIN Cirebon. Tadina mah eta teh babaturan, malahan lanceuk kelas. Dasar kudu jadi jido meureun nya. Awal-awal na amah waktu kuring beres  kuliah ti Jakarta, lanceuk teh nanya : “  ayeuna kuliah maneh  pan meh rek anggeus, atuh kudu geus ngarencanakeun jang rumah tangga. Kumaha geus aya calona ?  Kuring ngajawab :“ teu acan kang, jeung deui abdi teh kuliah anggeus  oge apan can gaduh pacabakan anu tetep, kumaha engkena pamajikan rek dikumahakeun ? “ Lanceuk mencrong ka kuring semu anu yakin pisan : “ gampang ari geus boga ijazah sarjana mah, loba nu ngabutuhkeun geura “ jawab lanceuk. Kuring ngajawab : “ sok atuh mun kitu mah pangmilihkeun wae ku akang, mun akang saluyu abdi oge saluyu”. Singket carita kuring diajak silaturahmi ka bawahan lanceuk, wakil kapala ari kalungguhana mah. Eta wakil kapala teh boga anak awewe sarua keur neangan pijodoeun, geus kaditu kadieu can aya anu sreg. Rupana ngawangkong jeung lanceuk, tuluy aya kasaruaan tujuan. Akhirna kuring dikenalkeun, sihoreg simana horeng babaturan kuring nalika kuliah di Cirebon. Malah manehna mah  lanceuk kelas. Tapi ari umur mah kolot keneh kuring. Singket carita tuluy wae atuh jadi dilamar.
Akad hareupeun janazah
Meureun kudu kitu jalan hirup kuring enggoning ngambah rumah tangga anu  digariskeun ku Allah nu maha kawasa. Saminggu saenggeus ngalamar, calon pibojoeun teh meunang musibah, kacilakaan dina kandaraan. Balik ti tempat ngajar, kaserempet ku angkot tepi ka teu sadarna oge mang minggu-minggu. Hasil rontgen ti rumah sakit, calon bojo teh aya rengat dina tulang tengkorakna, tepi ka ngaluarkeun getih tina baham jeung ceuli. Ceuk dokter gegar otak. Salila dirawat di rumah sakit atuh kuring kudu daek nungguan, ngarana pipamajikaneun. Meunang kurang leuwih sabulan mah, calon teh mulai sadar, bisa nyarita jeung ngobrol. Pas rek ijin kaluar ti rumah sakit, indung calon pamajikan teh  sek gering parna  anu kacida phawatireuna, ngutahkeun getih. Cek wadul mah mun seug eta getih diwadahan mah duka aya sabaraha embereun . Miturut dokter, indung calon pamajikan teh blooding, akibat tina panyakit liver kronis tea. Pihak rumah sakit sigana geus kawalahan ngobatana, sabab  panyakit teu waras-waras. Antukna dirawat jalan di rumah sakit anu deukeut ka imah. Rupana Allah ngagariskeun umur manusa sakumaha kahoyong –Na, peuting meh rek subuh ibu calon mitoha mulih kajati mulang ka asal atawa pupus, Inna lillahi wa inna ilayhi raji’un……………!  Kuring sedih  beak karep, keur mah colon pamajikan karek oge  sabulan balik ti rumah sakit, can waras saratus persen, katambah ibuna calon pamajikan tilar dunya. Masya Allah….
Kitu  meureun   ujian munggaran jang diri kuring, akhirna kuring  nampa kana kadar papasten ti Allah  kalawan hate ihlas. Tapi cocoba teh can eureun tepi ka dinya, buktina basa janazah rek di kurebkeun ujug-ujug teh calon pamjikan kuring ngurihit sangkan memeh janazah dikurebkeun   menta diakadan heula hareupeun mayit. Sabab, cek inyana  saluyu jeung amanat almarhumah, yen indung calon mitoha teh hayang nyaksenan akad putrina memeh maot. Nyarita kitu teh meureun dianggap  wasiat.  Ngadenge usul kitu, kuring asa kabentar gelap, cek hat leutik kuring,  bisa kitu dibenerkeun ku hukum syar’I ngalaksnakeun  akad hareupeun mayit. ? apan eta teh kayaan anu kontradiksi pisan, ari akad mah kabungah sedengkeun ari papaten mah kasusah jeung mamala. Tuluy atuh diskusi jeung duduluran ti dua beulah pihak, ti kulawarga kuring jeung kulawarga calon pamajikan, nyawalakeun antara mangfaat jeung madhorotna lamun eta pamenta dicumponan. Demi jang ngajaga madhorot jeung ngalap mangfaat, akhirna kuring daek diakadan hareupun mayit, sanajan kuring era ku masyarakat anu nyaksenan waktu harita. Jigana mah boa  hiji peristiwa anu sarebu hiji kajadiana di alam dunya. Jadi wae akad.
Boga anak opat
 Sagala rupa oge kumaha sikep hate, kuring ngadayung rumah tangga jeung manehna sihoreng geus rada jauh,  sampe akhirna  bati tina rumah tangga jeung  di barakahan ku Allah anak nepi ka opat. Tahun 1986 lahir anak kuring nu ka hiji, ngarana Evan Farhan Wahyu Fuadi, filosofi  tina eta ngaran nalika kuring nampa SK pertama jadi guru SMAN taun 1985,  harita anu jadi Mentrina nyaeta Bapak Prof. Dr. Fuad Hassan. Anak anu ka dua diaranan Obby Syukri Mahdiyin, waktu harita kuring keur ngefans ka Obby Mssakh, nu ngalagu “ semut merah” tea, mani resep pisan  ka eta penyanyi teh.  jeung pas pupusna pun Nini anu jenengana Syukrinah.  Tuluy taun 1991, lahir anak anu katilu, kabeneran awewe saluyu jeung kahayang pamajikan ,   dibere ngaran Nesa Nihlatul Maula. eta ngaran dipake   pedah pamajikan kuring  waktu keur ngajar di SKKPN (ayeuna SMPN 5)  boga murid keur mah geulis pinter ongkoh,  ngarana Nessa Eva   Gani.   Jigana Pamajikan  nazar, mun ngke boga anak awewe rek dibere ngaran Nessa. Jadi wae ngaran eta. Tuluy  anak kuring  terakhi atawa bungsu lahir taun 1994,   dingaranan   Hamdin Kifahul Muhajir, eta ngaran teh  terinspirasi tina singkatan Hamidah  jeung Sholehuddin, ngarah runtut raut meureun tidituna mah. Da memang jujur wae, keur anyar boga anak dua mah kuring teh sok mindeng hoghag pasea, parebut aturan. Tapi ayeuna mah tara.  Kaduana diaranan Muhajir, sabab  kuring pindah ka imah anyar, anu   nang  hese cape berjuang jeung pamajikan.  
Tilu anak kuring   kuliahna geus bareres, malah geus boga pagawean sewang-sewangan,  kari hiji deui anu masih keneh keur nyusun tugas akhir. Muga-muga wae atuh taun 2016  pertengahan mah  geus rengse tur diwisuda.
Angkat ka tanah suci
 Syukuran deui  ka Gusti Allah SWT anu  taya hinggana rehing kuring geus ngalaksanakeun rukun Islam anu ka lima, nyaeta  ibadah haji ka tanah suci Mekkah Al-mukaromah jeung Madinah Al-Munawaroh,  bareng jeung pamajikan kuring dina taun 2012 anu kaliwat. Terus terang teu kabayang  yen kuring rek bisa mangkat ka Mekkah bareng duaan jeung pamajikan. Rek boga   ongkos timana atuh.  Sabab  pangala ngan saukur guru  “ besar pasak dari  pada tiang “, ku maha rek bisa  mangkat,  loba  pangabutuh tea. Tapi subhanallah, Allah maha kaya, ku jalan ayana tunjangan profesi guru atawa sertfikasi ti awit taun 2008 kuring bisa setor ka Bank Syariah Mandiri, ngan perlu waktu dua taun, ti taun 2010 sampe 2012 kuring bisa aya nasib naek haji.   Subhanallah.. nikmatna ibadah haji teu bisa digambarkeun ku caritaan. Mun bae Allah ngersakeun  aya rizki, kuring jeung bojo hayang mangkat deui. Tapi ieu oge Alhamdulillah.  Pamudah-mudahan wae ibadah abdi katut oun bojo di tampi ku Allah Nu Rahman Rahim.
Pamungkas
Sakitu wae heula gerentes hate anu bisa katulis, engke mun datang deui inspirasi anyar diteruskeun. Yuk … !
   Gowok mang onyon, Januari 2016.


   

Share this

Related Posts

Previous
Next Post »

Matematika Kuliah

More on this category »

Matematika Sekolah

More on this category »

Statistika Penelitian

More on this category »

Info

More on this category »

Opini

More on this category »